SENI ULIN KOBONGAN (sunda)
Seni Terebang, mangrupa hiji kasenian anu umumna hirup tur mekar di lingkungan
pasantren. Pakakas (waditra) utamana nya eta terebang, sarupa
genjring/rebana tapi ukuranana leuwih gede. Eta terebang teh pungsina pikeun
mirig (mengiringi) lalaguan islami saperti pupujian/ nadoman. Teu saeutik oge
pidangan seni terebang teh anu geus dikolaborasikeun jeung pola gerak/ibing anu
tangtu, nepi ka muncul istilah seni rudat, nyatana kolaborasi antara seni terebang jeung gerak/ibing penca
silat.
Saperti
halna di wewengkon sejen, ayana tradisi seni penca silat di lingkungan
pasantren, ngajadikeun hiji inspirasi pikeun nyieun kreasi anu ngadumaniskeun
(ngolaborasikeun) antara seni terebang jeung penca silat, hasilna sanajan
memang meh samisil jeung seni rudat sejenna, tapi pikeun ngabedakeunana nya di
Sawahkulon mah istilahna disebut Seni Ulin Kobongan.
Disebut seni ulin kobongan teh, lian ti dumeh mekarna ti lingkungan kobong atawa pasantren, eusi pidanganana oge teu leupas tina tradisi anu
raket patalina jeung kahirupan katut kabiasaan di pasantren, nuansa islamina
boh dina rumpakana, pola lagu/tatabeuhan, boh gerak/ibingna estu karasa pisan.
Sacara simbolis ma’na tina seni ulin
kobongan ieu teh
minangka gambaran tina pola bina sumber daya manusa ngaliwatan unsur-unsur Maenpo (bela diri penca silat), Ngaos (maca Al- Quran) serta Mamaos (seni sora/ tembang). Eta unsur-unsur teh pagalo (terpadu) dina pidangan kamonesan Seni Ulin Kobongan.
Pikeun ngaluyukeun seni ulin kobongan anu sipatna kalangenan jadi hiji pintonan anu mibanda daya tarik, dina taun 2003 kelompok seniman Sawahkulon gawe bareng jeung Dinas Pariwisata Seni dan Budaya Kabupaten Purwakarta ngalaksanakeun penataan ulang. sarta hasilna miwujud hiji pidangan anu nembongkeun kreatifitas
sarta tetep teu mopohokeun wangun aslina.
thanks eonni berguna bgt
BalasHapus